Pikeun Ngarti Dina Aksara Sunda: 4 Bagian Aksara Sunda. Hayu urang diajar aksara sunda pikeun ngalestarikeun jeng ngamumule aksar sunda, aksara sunda penting supados apal kana aksara-aksara sunda anu atos hampir di leungitkeun. mantakan hayu urang diajar aksara sunda supados terang yen orang sunda teh gaduh aksara nyalira pikeun komunikasi anu kedah di mumule ku urang selaku urang sunda.
![]() |
| Sumber Poto-Canva-Editor-MJB-Edu |
Aksara Sunda dibagi janten 4 (Opat) bagian:
1. Aksara Ngalagena
2. Aksara Swara / Aksara Vokal Mandiri
3. Aksara Pangwilang / Angka
4. Panyora/Pananda Swara/ Vokalisasi
1. Aksara Ngalagena nyaéta
- Aksara Ngalagena tina sora basa sunda, sadayana aya 18 (dalapan belas) aksara, nyaéta: Ka, Ga, Nga, Ca, Ja, Nya, Ta, Da, Na,Pa, Ba, Ma, Ya, Ra, La, Wa, Sa, jeung Ha.
- Aksara Ngalagena tina sora basa serepan, sadayana aya 5 (lima) aksara, nyaéta :Fa, Va, Qa, Xa, jeung Za.
2. Aksara Vokal Mandiri / Aksara Swara.
3. Aksara Pangwilang/Angka
Jumlahna aya 10 (sapuluh) Aksara, nyaéta : 0, 1, 2, 3, 4, 5, 6, 7, 8, sareng 9.
4.. Panyora / Pananda Swara / Vokalisasi
Jumlahna aya 13 (tilu belas) Pananda, nyaéta :
Panghulu, Pamepet, Paneuleung, Panglayar, Panyecek, Panyuku, Panyakra, Panyiku, Panéléng, Panolong, Pangwisad, Pamingkal, jeung Pamaéh.
2. Harti/Ma'na Aksara Sunda
Upami dina susunan Aksara Sunda dima'naan ku harti/ma'na tina
Upami ku urang diruntuykeun ma'na susunan Aksara Sunda tina Aksara/Basa kawi tiasa disasar dirarampa, naon enas-enasna dangiangna susunan (abjad)
Aksara Sunda téh, nyaéta:
- Anu jadi sabab ayana kaagungan nu linuhung tur terhormat;
- Anu bakal méré ngaran/pangkat ka jelema anu hirup téh kieu (nyaéta):
- Katalian ku amal anu dipigawéna, nyaéta ku silih mikacinta (silaturahmi);
- Ku sabab kitu kudu silih-hormat, kudu boga kahormatan ku cara nyarita
- (Ngomong) anu bakal ngalantarankeun gumebyarna cahaya (kamanusaan);
- sabab da sakabéhna ogé éta téh asalna ti Nu Hiji, sarta bakal nungtung dina hirup anu pinuh ku kabungahan (kabagjaan).
Mungsakitu panginten pelajaran Pikeun Ngarti Dina Aksara Sunda: 4 Bagian Aksara Sunda, mudah-mudahan ngartos tur manfaat kangge urang sadayana tong hilap baca buku sareng diajar sing rajin.
Sumber Materi . CV. Tiga Putra / Sam Karya Nugraha
Judul Buku: WANOH KA AKSARA SUNDA



